Kajadian
Teu Disangka-sangka
Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat
maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui
anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna
ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya
kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring,
tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah
tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta
macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling,
pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang
teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna
nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal
aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3
lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika.
Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng
enjing Pa!”
“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.
“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas
bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan
matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua
lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji.
“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna
tadi wengi tos dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan.
“Teet...teet...teet” sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak
pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun.
Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”
sumber : bbmsepsite.blogspot.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar